Minggu, 07 September 2014

Sedih Mak

| | 0 komentar

Hirup teh kudu bisa sosialisasi, mun hirup sorangan, bakal karasa sedih jeung ngarasa sorangan. Tapi kumaha nya kadang hirup teh hese mun teu bisa milah-milah babaturan. Kadang boga babaturan nu katempona bageur tapi ditukangeun mah beda. Tapi tetep urang kudu husnuzon (bersangka baik) ka batur, nu penting mah urangna. Mun misalkeun batur goreng ka urang, teu nanaon. Tapi sa bisa mungkin mah urang bisa mere conto nu bener, mun batur geus katempo gorengna, usahakeun urang kudu bisa mamatahan. Ditarima henteuna eta mah kumaha engke. hehehe... asa jadi ceramah kieu ieu teh.
Geus ah nu puguh mah urang ayeuna keur sedih ku hiji masalah, masalahna mah moal di beja-beja, cukup simkuring nu nyaho :(



leer más...

Janghul

| | 0 komentar

Mikiran hirup teh matak lieur jeung nyeuri sirah. Kumaha atuh da anu dipikiranna hutang. Eta geus hutang deui wae hahaha... ganti ah lain mikiran hutang, tapi mikiran bbm ceunah dek naek deui?!
Kumaha nya ganti Presiden tapi bbm kalah arek naek, kumaha atuh engke nu baroga kandaraan?? tapi mangga we nyanggakeun da sim kuring mah kandaraanna ge teu boga, jang naon dipikiran ka lieur-lieur nya!

Haduh kan teu boga kandaraan oge indit-inditan mak angkot, ATUH KUMAHA??! pastilah ongkos naek!
hadehh... jadi janghul (alias jangar hulu) geuning kapikiran hahaha...



leer más...

Gogoleran Dulu

| | 0 komentar

Hmm... hirup di dunia teh karasa cape mun teu dibarengan ku kasenangan. Karasa lieur komo mun loba hutang mah HaHaHa... kumaha tah carana meh teu karasa pusing jeung lieur ngajalananna. Nya...  selain (haduh ari selain naon bahasa sundana) selain kudu bisa narima kaayaan, urang kudu bisa bersyukur dina sagala rupa anu geus dijalani, bersyukur kana rejeki anu geus ditarima ku urang, saetik lobanan eta mah tergantung urang. biasana jalma mah mun geus ngarasa enak ngarasa kurang terus kana rejeki nu ditarima. Eta salah sahiji sifat jalma anu kurang bersyukur.
Ieu aya hiji dp bbm gambaran tina lalampahan nu hirupna narima kana kaayaan. siga kumaha tah?!



leer más...

Da Aku Mah Apa Atuh

| | 0 komentar

Ari urang sunda sok loba banyol jeung heureuyna, make bahasa oge paturiksak alias pabeulit teu puguh kamana wae jeung asal we... siga sim kuring sok kadang campur-campur siga es campur, tapi kan ngeunah hehe...
Tapi mun di perhatikeun mana aya nu banyol make bahasa baku, atuh moal lucu. Bener teu?!
Tah siga dp bbm di handap ieu, naon coba maksudna? tapi mun urang sunda asli mah nu macana pasti saeutik nyerengehlah, moal ari ngabarakatak mah da teu lucu. Ngan kitu mun ceuk bahasa Indonesiana mah sedikit 'nyeleneh' bahasana. Ahh nu penting mah saetik ngahibur daripada serius teuing matak stress. Betul teu pemirsah??



leer más...
Diberdayakan oleh Blogger.
 
 

Diseñado por: Compartidísimo
Con imágenes de: Scrappingmar©

 
Ir Arriba